My Photo
Asep Dian Permana Yudha
Cihaurbeuti, Jawa Barat, Indonesia
Magister Administrasi Pendididikan Pascasarjana Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung Kampus Tasikmalaya. Wakil Sekretaris Gerakan Pemuda Ansor Kabupaten Ciamis. Wakil Ketua Gerakan Pemuda Kebangkitan Bangsa Kabupaten Ciamis.
View my complete profile

28 May 2009

LARATAN ASTAMANGGALA, KARUHUN CIHAUR DINA SEJARAH BANDUNG
Dicutat tina R. Memed Sastrahadiprawira

"Ngan anu puguh cukcrukanana, nya eta ti wates nu ngawengku Tanah Ukur, nu ngasta padataran Bandung kabeh-dieunakeun, jenengan Dipati Ukur Wangsanata, menak asal Purbalingga” (Roman Sajarah "Pangeran Kornel", Balai Pustaka, Citakan kahiji tahun 1930).
Jenengan Dipati Ukur teh pikeun sajarah Bandung mah beunang disebut
mumundelna, sabab nya dijaman harita urang Sunda, babakuna nu nyicingan
padataran Bandung, obyag sasadiaan baris nedungan papancen Sultan Agung
Mataram ngepung kota Batawi, ngarurug Kapitan Mur Jangkung.
Pangaruh Sultan Mataram karasana ku pangeusi tanah Priangan, lir upama angin topan nebak tatangkalan, taya nun bisa ngahalangan, sakur nu kadupak rebah, kitu deui nu ngawengku Tanah Ukur, kitu katelahna padataran Bandung jaman harita, teu iasa mangga pulia, kapaksa tumungkul ka kersana Sultan Mataram, saperti tangkal awai katebak ku angin gede.
Dina bubulak nu upluk-aplak ngaleut-ngeungkeuy balad Sunda rek miceun pati ka Batawi. Rancung tumbakna, nyalulagrang gobangna, wantuning ari bedil mah alam harita arang langka keneh. Opat rebu reana Balad Dipati Ukur anu ninggalkeun lemburna ngarurug ka Batawi, ngan opat ratus nu bisa mulang deui !
Ti harita Dipati Ukur nyicikeun cai, ngawurkeun lebu, sumpah moal kersa
ngawula deui ka Mataram. Tapi Dipati Ukur heunteu iasa lila wangkelangna, sabab kaburu sumping Tumenggung Narapaksa, senapati Sultan Mataram, nyandak balad mangpirang-pirang baris meruhkeun luluhur Ukur. Dipati Ukur bingung, ku musuh enggeus kakepung, cek babasan tea mah : maju jurang, mundur jungkrang.
Tuluy mundur jeung sababaladna, ngadago musuh di Gunung Lumbung. Tapi kalah wowotan, sanajan balad Mataram loba nu maraot
ditinggangan ku batu ti luhur gunung oge, teu burung Dipati Ukur abandang,
dikerid-peuti jeung ulukuringna, diboyong ka Mataram, baris narima hukuman
nu kacida ngerikna.
Padataran Bandung jadi suwung, Tanah ukur leungit kama'muranana, sabab geus taya nu nyicingan. Pasawahan jadi gamblung, huma-huma jadi leuweung.
Mangtaun-taun Bandung kosong lawas pisan jamanna Tanah Ukur teu katincak ku
jelema.
Tapi dasar Bandung kudu ninggang cacandran: heurin ku tangtung, jol sumping Umbul Cihaurbeuti nu geus milu nempuh Dipati Ukur, nyandak rencang dua ratus kuren, mudun ka palebah muhara Cikapundung, lantaran ku Sultan Mataramdijenengkeun bupati di Bandung, ganjaran kana kasatiaanana.
Tanah nu geus suwung teh dieusi deui sarta di sakuloneun muhara eta ngadeg dayeuh, katelahna Karapyak sarta sanggeus pindah ka tempat nu ayeuna
disebutna : Dayeuhkolot. Lain lebah dinya wae, tapi di wewengkon Tanah Ukur
beulah wetan oge, pernahna kuloneun walungan Citarik, dibawahan distrik
Cicalengka, desa Tarikolot-kaler, aya dayeuh nu sajaman diadegkeunana sarta
teu eleh karesikanana ku nu disebut ti heula, wantuning eta oge sarua pada
palinggihan bupati, nya eta dayeuhna kabupaten Parakanmuncang. Bupati eta
nagara nu mimiti kakasihna Tumenggung Wiratanubaya, asal umbul
Sindangkasih, nu jenengan Ngabehi Somahita. Kulantaran eta umbul milu
nalukkeun Dipati Ukur, ku Sultan Mataram diganjar, dijenengkeun bupati di
Parakanmuncang sarta tedak-tumedak ka putra-putuna meunang sababaraha
turunan.

Sastawan Sunda
R. MEMED SATRAHADIPRAWIRA
Dibabarkeun 18 Maret 1897 di Manonjaya, Tasikmalaya
Wafat dina kaping 5 Juli 1932 di Bandung

27 May 2009

ASTAMANGGALA TI CIHAURBEUTI DINA “MANUSA SUNDA”
Dicutat tina "Manusia Sunda" Ayip Rosyidi

Salah saurang tokoh Sunda nu dipucunghulkeun ku Ayip Rosyidi dina bukuna "Manusia Sunda", nyaeta Dipati Ukur. Nyutat ti desertasina Dr. Edi Ekadjati, Ayip Rosyidi nyebatkeun aya 8 naskah nu nyebat-nyebat Dipati Ukur, Versi Galuh, Sukapura, Sumedang, Bandung, Talaga, Banten, Mataram jeung Batavia.
Diantara naskah-naskah ieu aya bedana, gumantung kanu niat nu nyieunna. Tapi garis pokokna mah siga kieu :
Dipati Ukur, Wedana Bupati Tanah Ukur (Okcer ceuk letah walanda mah)
wewengkon Mataram nu pangkulonna. Waktu Sultan Agung boga niat ngepung
Batavia, Dipati Ukur dipiwarang mantuan. Dipati Ukur jeung para prajuritna
arangkat, teras ngantosan di Karawang saluyu jeung jangji jeung Komandan
Tempur ti Mataram Tumenggung Bahureksa (ceuk versi sanes Tumenggung
Narapaksa). Tumenggung Bahureksa rek datang jeung pasukanana ngaliwatan
laut, terus ngagabung jeung pasukan Dipati Ukur di Karawang. Tapi waktu
pasukan Dipati Ukur tepi ka Karawang, Tumenggung Bahureksa acan datang.
Pasukan Dipati Ukur nungguan sajero saminggu. Sanggeus saminggu pasukan
Tumenggung Bahureksa teu datang wae, Dipati Ukur mutuskeun rek nyerang
Batavia sosorangan, bari nyandak pasukan nu jumlahna 10.000 jalmi. Tapi
serangan Dipati Ukur teh gagal.
Waktu Tumenggung Bahureksa tepi ka Karawang, kacida ambekna, sabab Dipati Ukur jeung pasukanana teu aya. Tumenggung Bahureksa nyerebu oge ka Batavia make pasukan nu jumlahna 10.000 urang, tapi sami teu hasil. Tumenggung Bahureksa mulang ka Mataram, lapor ka Sultan Agung yen kagagalan manehna the akibat Dipati Ukur nyerebu tiheula, nu sarua jeung "ngahudangkeun kompeni" supaya tatan-tatan.
Dipati Ukur oge sadar, tindakan anjeunna, bisa dihukum ku Sultan Agung. Jadi anjeunna ngajak para "umbul" Sunda bawahanana barontak ka Mataram. Tapi
ajakanana teu meunang respon ti sakabeh "umbul". Malah Ngabehi Wirawangsa
(umbul Sukakarta), Ngabehi Samahita (Umbul Sindangkasih), Ngabehi
Astramanggala (umbul Cihaurbeuti), jeung Uyang Sarana ( Umbul Indihiang)
ngalaporkeun niat Dipati Ukur barontak ka Sultan Agung. Kaopat urang umbul
ieu kulantaran ngalaporkeun niat barontak Dipati Ukur ka Sultan Agung,
akhirna kenging anugrah ti Sultan Agung dianggkat jadi bupati di Sukapura,
Parakanmuncang, jeung Bandung (saatosna barontakna Dipati Ukur tiasa
ditumpes). Sultan Agung marentahkeun Tumenggung Bahureksa supaya newak Dipati Ukur, ari nu jadi panunjuk jalan, nya para umbul nu lalapor ka Sultan Agung tea.
Dipati Ukur ngadamel benteng di Gunung Pongporang nu tempatna strategis, dugi ka waktu serangan nu kahiji ti pasukan Tumenggung Bahureksa teu mawa hasil. Tumenggung Bahureksa neangan akal. Sataun ti saprakna serangan nu kahiji, Tumenggung Bahureksa, ngerahkeun bupati-bupati sejen di tatar
priangan keur ngarempug Dipati Ukur. Benteng Gunung Pongporang tiasa
ditorobos.
Dipati Ukur sareng pasukanana, ngalih ka Gunung Lumbung. Gunung
Lumbung oge ditorobos, Dipati Ukur ngalih ka Bumbang. Di Bumbang, Dipati
Ukur ngirim kurir ka Kasultanan Banten, nyuhungkeun tulung. Tapi
panyuhungkeun tulung Dipati Ukur teu katedunan margi Banten oge nuju pakepuk ngalawan Kompeni, sanajan kurirna diangken malah ceuk sababaraha versi, kurir Dipati Ukur teh akhirna diangkat jadi anggota utusan Sultan Banten
waktos ngadep Sultan Mekkah.
Saparantosna perang salami dua taun, akhirna Dipati Ukur katewak. Ceuk salah sahiji versi, Dipati Ukur sanes katewak, tapi masrahkeun diri. Jeung nu masrahkeun diri teh sanes Dipati Ukur, tapi nu sanes, nu satia ka Dipati Ukur nu pameunteuna hampir sami jeung Dipati Ukur.