Translate

27 Mei 2009

Laratan Cihaur dina "Manusa Sunda"

Salah saurang tokoh Sunda nu dipucunghulkeun ku Ayip Rosyidi dina bukuna "Manusia Sunda", nyaeta Dipati Ukur. Nyutat ti desertasina Dr. Edi Ekadjati, Ayip Rosyidi nyebatkeun aya 8 naskah nu nyebat-nyebat Dipati Ukur, Versi Galuh, Sukapura, Sumedang, Bandung, Talaga, Banten, Mataram jeung Batavia.
Diantara naskah-naskah ieu aya bedana, gumantung kanu niat nu nyieunna. Tapi garis pokokna mah siga kieu :
Dipati Ukur, Wedana Bupati Tanah Ukur (Okcer ceuk letah walanda mah) wewengkon Mataram nu pangkulonna. Waktu Sultan Agung boga niat ngepung Batavia, Dipati Ukur dipiwarang mantuan. Dipati Ukur jeung para prajuritna arangkat, teras ngantosan di Karawang saluyu jeung jangji jeung Komandan Tempur ti Mataram Tumenggung Bahureksa (ceuk versi sanes Tumenggung Narapaksa). Tumenggung Bahureksa rek datang jeung pasukanana ngaliwatan laut, terus ngagabung jeung pasukan Dipati Ukur di Karawang. Tapi waktu pasukan Dipati Ukur tepi ka Karawang, Tumenggung Bahureksa acan datang.
Pasukan Dipati Ukur nungguan sajero saminggu. Sanggeus saminggu pasukan Tumenggung Bahureksa teu datang wae, Dipati Ukur mutuskeun rek nyerang Batavia sosorangan, bari nyandak pasukan nu jumlahna 10.000 jalmi. Tapi serangan Dipati Ukur teh gagal.
Waktu Tumenggung Bahureksa tepi ka Karawang, kacida ambekna, sabab Dipati Ukur jeung pasukanana teu aya. Tumenggung Bahureksa nyerebu oge ka Batavia make pasukan nu jumlahna 10.000 urang, tapi sami teu hasil. Tumenggung Bahureksa mulang ka Mataram, lapor ka Sultan Agung yen kagagalan manehna the akibat Dipati Ukur nyerebu tiheula, nu sarua jeung "ngahudangkeun kompeni" supaya tatan-tatan.
Dipati Ukur oge sadar, tindakan anjeunna, bisa dihukum ku Sultan Agung. Jadi anjeunna ngajak para "umbul" Sunda bawahanana barontak ka Mataram. Tapi ajakanana teu meunang respon ti sakabeh "umbul". Malah Ngabehi Wirawangsa (umbul Sukakarta), Ngabehi Samahita (Umbul Sindangkasih), Ngabehi Astramanggala (umbul Cihaurbeuti), jeung Uyang Sarana (Umbul Indihiang) ngalaporkeun niat Dipati Ukur barontak ka Sultan Agung. Kaopat urang umbul ieu kulantaran ngalaporkeun niat barontak Dipati Ukur ka Sultan Agung, akhirna kenging anugrah ti Sultan Agung dianggkat jadi bupati di Sukapura,Parakanmuncang, jeung Bandung (saatosna barontakna Dipati Ukur tiasa ditumpes). Sultan Agung marentahkeun Tumenggung Bahureksa supaya newak Dipati Ukur, ari nu jadi panunjuk jalan, nya para umbul nu lalapor ka Sultan Agung tea.
Dipati Ukur ngadamel benteng di Gunung Pongporang nu tempatna strategis, dugi ka waktu serangan nu kahiji ti pasukan Tumenggung Bahureksa teu mawa hasil. Tumenggung Bahureksa neangan akal. Sataun ti saprakna serangan nu kahiji, Tumenggung Bahureksa, ngerahkeun bupati-bupati sejen di tatar priangan keur ngarempug Dipati Ukur. Benteng Gunung Pongporang tiasa ditorobos.
Dipati Ukur sareng pasukanana, ngalih ka Gunung Lumbung. Gunung Lumbung oge ditorobos, Dipati Ukur ngalih ka Bumbang. Di Bumbang, Dipati Ukur ngirim kurir ka Kasultanan Banten, nyuhungkeun tulung. Tapi panyuhungkeun tulung Dipati Ukur teu katedunan margi Banten oge nuju pakepuk ngalawan Kompeni, sanajan kurirna diangken malah ceuk sababaraha versi, kurir Dipati Ukur teh akhirna diangkat jadi anggota utusan Sultan Banten waktos ngadep Sultan Mekkah.
Saparantosna perang salami dua taun, akhirna Dipati Ukur katewak. Ceuk salah sahiji versi, Dipati Ukur sanes katewak, tapi masrahkeun diri. Jeung nu masrahkeun diri teh sanes Dipati Ukur, tapi nu sanes, nu satia ka Dipati Ukur nu pameunteuna hampir sami jeung Dipati Ukur.
(Dicutat tina "Manusia Sunda", Ayip Rosyidi)

1 komentar:

  • Baren Barnabas says:
    1 Juni 2009 pukul 12.16

    Pami nitenan carios kasebat, gening Dipati Ukur teh "pemberani dan tangguh", teu lepat-lepat teuing da. Bongan Bahureksa wae atuh lambat, sapertos sanes tumenggung nu sok perang bae, teu tiasa gerak cepat. Ah, resep maos sajarah Sunda teh gening, matak waas. Mukakeun wawasan sareng nambihan pangaweruh nu hamo kapimilik pami teu nyingkabkeun blog "Kang Dalanks". Hatur nuhun.

Posting Komentar

ANTARA News