Translate

03 November 2012

Cihaurbeuti Villages

Cihaurbeuti nyaeta hiji wewengkon lebah kuloneun Gunung Sawal di Kabupatian Ciamis. Tapel wates lebah kaler Cihaurbeuti patumbu-tumbu jeung Panumbangan, lebah kidul Sindangkasih, lebah kulon Walungan Citanduy anu misahkeun jeung kawasan Tasikmalaya.
Can kapanggih iraha jeung kumaha mimitina aya Cihaurbeuti. Ngan nurutkeun sababaraha beja, Cihaurbeuti mibanda lalakon sejarah anu kacida luhungna. Kasebut nalika zaman Mataram Islam (kurang leuwih tahun sarebu genep ratusan masehi), aya saurang menak ti Umbul Cihaurbeuti mangsa harita anu diistrenan ku Sultan Agung jadi Tumenggung pangaulaan Bandung, katelah Tumenggung Wirangun Angun. Tujuh turunan mingpin Bandung nepika kaceluk ka awun-awun kakoncara ka janatria, ngandung harti anu asal muasal ngabahureksa ngahirup-hirup Bandung taya lian karuhun urang Cihaurbeuti. Kiwari masih loba patakonan-patakonan anu merlukeun pananglutikan jeung sawala sapuratina.

0 komentar:

Posting Komentar

ANTARA News