Translate

19 November 2012

Laratan Cihaurbeuti Dina Wawacan Gagak Lumayung (Wawacan Tajimalela & Prabu Kean Santang)


Tetela Cihaurbeuti mibanda laratan anu kacida linuhung. Diantarana bae coba guar Wawacan Gagak Lumayung, kalayan eces jentre ngaran Cihaurbeuti disebutkeun  sababaraha kali. Wawacan ieu ngalalakonkeun Prabu Kean Santang (aya oge anu nyebut Prabu Kian Santang, Rakean Santang) jeung Tajimalela. Anu can wanoh saha ari dua ngaran anu disebut bieu, asa kateungteuingan pisan. 
Dupi Patih Pajajaran, anu kongas gagah sakti, Perabu Tajimalela, nu kawentar liat kulit, estuning pilih tanding, henteu ngiring janten maung, ka CIHAUR jadi Ajar, seueur nu ka dinya muhit, hoyong gagah liat lir Tajimalela (Wawacan 206, Sinom).
Emut ka CIHAURBEUTI, harita keneh ge angkat, mapay jalan ngaler ngulon, ka Haur Beuti tos dongkap nepangan hiji Ajar, guru anjeunna kapungkur, Sang Prabu Tajimalela (Wawacan 254, Asmarandana).
Lalamina di CIHAURBEUTI, pangantenan Sunan tos sabulan, geureuhana teras bobot, enggalna nu dicatur, nu bobot teh sapuluh sasih, dumugi ka babarna, putra kembar lucu, mung ibuna teras wapat, nuju nuus dipulasara lastari, matak kasmaranmanah (Wawacan 352, Dangdanggula).
Sunan Rohmat teh prihatin, rehing katilar ku garwa, putra taya nu ngarorok, kapaksa bae ku rama, estuning kahesean, gentos heula nu kacatur, saderekna Bagus Daka (353). lbuna teh gaduh rayi, istri nuju kaleleban, reh dikantun putra maot, harita teh kaleresan, dirorok putra Sunan, anu nampi bingah kalbu, sarehna aya gentosna (354). Wasta eta murangkalih, Pangeran Ali Muhamad, tah nya ieu cakalna teh, dupi nami nu bungsuna, nelahna Ali Akbar, dua murangkalih mulus, lami-lami Sunan Rohmat (355). Ti dinya tos angkat deui, ngabujeng ka Kandang Serang, nya di dinya lajeng bae, ngadamel wakil nyunatan, ngahaja bae ngajar, dumugi ka puluh-puluh, tos seueur mah teras angkat (356). Bagus Daka ge teu kanti, mapay-mapay pilemburan, enggalna ieu carios, satilasna nu ngajajah, Cilampeni Korobokan, Dayeuh Handap Dayeuh Manggung, Purbasana Panunggangan (357). Ciparay sareng Cimahi, Cisiem teras Cikupa, Sangkan Pagedeng Cikaso, Mester Cirebon Cisangkan, Batara Cilolohan, Parungkawaru Cinunuk, Rancaekek Cicalengka (358). Sukamanten Sukasari, Sukamenak Kandangserang, kana tilas deui anjog, ka CIHAURBEUTI tea, manah Sunan kasuat, kagagas ku anu ngantun, emut ka garwa nu wapat (Wawacan 353 – 359, Asmarandana).

0 komentar:

Posting Komentar

ANTARA News