Translate

04 November 2012

Wisata Air Terjun Curug Cihaur

Cihaurbeuti anu aya lebah kuloneun Gunung Sawal, estuning leubeut ku cai waas nu cucurugan. Hampir tiap lembur di Cihaurbeuti ngagobaan curug sewang-sewangan, loba leuwih ti hiji. Curug mangrupakeun cai anu turun ti punclak mapay-mapay lebak nyaliara handapeun tonggong gunung, mipir lamping bari mawa kahuripan pikeun alam jeung para manusa anu aya sahandapeunana. Lain air terjun, da biasana lamun terjun mah kudu make parasut atawa payung. Ieu sabaraha curug anu aya di Cihaurbeuti, sesana can katuliskeun.
  1. Curug Cimeja, aya di Pamokolan. Disebut Curug Cimeja ku sabab tempat di sabudeurena mangrupa meja panulisan. Ceuk kolot, baheula ieu tempat mangrupakeun tempat lenggah nerbayaksana para menak di Kabarataan Sawal.
  2. Curug Ciharus, aya di Padamulya. Disebut Curug Ciharus ku sabab seahna cai anu kacida harusna ngagolontor maseuhan lembur ku walungan Ciharus. Cek kolot, di ieu tempat osok kawenehan kadenge sora gamelan pupuh gending, ciciren keur ayana hajat pikeun meredih kamulyaan hirup, padamulya.
  3. Curug Tilu, aya di Pasirtamiang. Disebut Curug Tilu ku sabab aya tilu curug anu pasambung-sambung, masing-masing katembong jangkung rag-ragna cai ti luhur dua puluh meter panjangna.
  4. Curug Cibuyut, aya di Cihaur. Disebut Curug Cibuyut ku sabab aya di wewengkon patapakan haur, nyaeta hiji tempat patapaan Ki Buyut Pangersa. Ceuk Kolot, Ki Buyut Pangersa taya lian hiji resi pilih tanding anu ngajaga Gunung Sawal sangkan tetep tiis jauh tina sebutan gunung berapi.

0 komentar:

Posting Komentar

ANTARA News